Jumat, 16 November 2018

Wanti2 ka sadaya dulur-dulur Muslimiin Muslimat dimana bae oge iraha bae!!!
Dizaman urang tos nyebar faham2 nu matak nyilakakeun dirina oge nu sejen, matak jadi mumusuhan nu abadi, matak jadi peperangan guyang getih dimana2 nyaeta nyebarna pendapat kaum wahabi radikal nu teu ahli dina ijtihad, nu gampang nyalah2keun kana buah hasil Ijtihadna Para Ulama Ahli Ijtihad,
nu jadi sabab lahir pemikiran nu nyimpang nu jd masalah eta asalna dua perkara:
1: lahirna jalma nu teu ahli dina ijtihad tp wawanianan ijtihad sorangan nu akhirna gampang nyalahkeun kana buah ijtihad Para Ulama Ahli ijtihad,
2: krn kapengaruhan ku guruna nu tos ngaco..
3. Krn embung ngaji Elmu Agamana sorangan, teu gaduh guru pembimbing nu balukarna teu terang kana patokan mana Ahlussunnah Waljama'ah mana nu sanes?  nutiparayun nu fahamna tos mengkol tina haq..
Maka urang kudu ngaji ka Ulama Alloh supados urang nampi penjelasan nu eces jentre.. margi yaqin pangna mengkol oge
eta krn can hartos naon ari hakekat bid'ahteh, jadiweh kacandak kufaham nu sigana ceuk Quran Hadits tp haqeqatna  mengkol tinu Dikehendaki ku Alloh ku Rosul Saw..
Contoh alit:
1.Muslimiin Muslimat sok ngaos milari Elmu tiguruna masing2 , nyiar Elmu Islam jelas Diparentahkeun ku Alloh ku Rosul Saw eta urusan Din , tp carana, waktuna, tempatna dll teuya conto tiRosul? atuh bida'ah dolalah panginten?
Rutinan ngaos tiap hari anu, waktuna wayah kitu, sekian menit atawa jam, tempatna dianu, carana kedah kitu, sepertos melalui radio, tv, internet dll eta teuaya dalil Sunnahna ti Nabi Saw, eta jadi bid'ah sadayana..
2. Contoh kecil deui Muslimiin sok ngaos Qur'an anu mana eta urusan Din (Agama ) , trs maca Quran apan teu dicontohkeun ku Nabi Saw? Pan Nabimah tara maca tina tulisan, tara nyerat? Trs mun ku urang waktuna ditangtukeun perhari sabara menit, atawa jam, sabara juzna? eta teuaya contona ti Rosul Saw? Atuh jadi bid'ah dolalah deui?
Masih seueur keneh dina masalah Din anu teuaya contona ti Rosul Saw..
Keur urangmah patokanana enteng dina milari Haq (kebenaran) lenyepan qaedah ieu:
1. ari nu ngahukuman benerna hukum Tahlilan, Tawassulan, Maulidan, Ziarah Qubur, Ngahadiahkeun ganjaran Amal Soleh ka Ahli Qubur,Adzan Jum'ah 2 kali, Solat Taraweh 20 Roka'at dua roka'at, dua roka'at, sareng seueur deui nusanesna malah sae tur kengeng ganjaran nu pohara tina eta amalan, eta Ijtihadna Para Ulama Ahli Ijtihad nu tos caang kaulamaanana sepertos Imam Syafi'i, Imam Malik, Imam Ahmad bin Hambal, Imam Abu Hanifah, Imam Nawawi, Imam Ghazali oge seuseuerna Para Ulama sadunya ,malah aya buah ijtihadna Sohabat Nabi Saw sepertos Adzan Jumat dua kali buah ijtihad Sayyiduna Utsman Bin Affan Ra, Solat Taraweh diberjama'ahkeun kalawan bilanganana 20 Roka'at bari ngalakonanana dua roka'at dua roka'at.. lenyepan ku urang!!!
1. piraku eta Para Ulama barodo kana Islam atawa kana Elmu Quran Hadits???
2 piraku eta Para Ulama Ahli Ijtihad gaduh niat rek ngajebruskeun ummat ka Naraka???
3. Piraku urang tega nganggap ka aranjeuna sadunya ahli bid'ah dolalah ahli naraka??? Termasuk sakabeh Muslimiin Muslimat nu ikut kana ajaranana? Termasuk indung bp oge karuhun2 urang???
4. Piraku urang nu awam ngarasa leuwih nyaho kana Islam tibatan aranjeuna???
5. Piraku wani diadili yaumalQiyamah dipayuneun Alloh sareng Para Ulama nudituding ahli bid'ah dolalah oge difitnah nyasarkeun ummat???
Siga kumaha dosa urang tohagana kungsi nuding sesat jeung nyesatkeun kaMuslimiin komo ka Para Sohabat Nabi Saw, ka Para Ulama, ka Para Wali Alloh???
Sakitu  bekel hirup dina nyekel Agama mun hayang salamet..
Kade bisi cilaka gede diakherat!!! Kade bisi malah urang nu sasar tur nyasarkeun nu sejen!!! Kade tong kapengaruhan kunu disebut ustadz atawa syekh nu fahamna tos belok tina faham2 Ulama Ahlissunnah Waljamaa'ah..
WaLLoohu A'lam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar