Nasihat urang Sunda :
FENOMENA ZAMAN KIWARI
Geus loba imah beuki aralus jeung garedé tapi kulawargana beuki ngaleutikan..
Gelar beuki laluhur, tapi akal sehat beuki handap..
Ilmu Kasehatan beuki canggih tapi kasehatan beuki goreng..
Indit²an ngurilingan dunya , tapi jeung tatangga sorangan teu wawuh..
Panghasilan beuki ningkat, tapi katengtreman jiwa beuki ngurangan..
Kualitas Ilmu beuki luhur, tapi kualitas emosi beuki handap..
Jumlah manusa ngalobaan, tapi rasa kamanusaan beuki ipis..
Kanyaho beuki alus, tapi kaarifan ngurangan..
Beuki loba babaturan di dunya maya, tapi teu boga sobat nu sajati..
Inuman beuki loba jenisna, cai beresih ngurangan jumlahna..
Make jam tangan mahal, tapi sholat tara tepat waktu.
Ilmu beuki nyebar kamana-mana, tapi naha akhlak beuki leungit..
Diajar disakola beuki babari, tapi naha guru beuki teu dihargaan/diajénan..
Teknologi Informasi beuki canggih, tapi fitnah jeung aib beuki nyebar..
Jalma nu ilmuna handap beuki loba omong, tapi nu ilmuna luhur loba nu caricing.. nyarumput..
Tontonan beuki loba, tapi tuntunan ngurangan..
Mudah-mudahan janten pépéling kanggo urang sadayana..
Aamiin ya Robbal alamiin...
Hatur nuhun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar