Minggu, 25 Februari 2018

Alam dunya

Alam dunya geus paciweuh
Bencana datang ngeureuyeuh
Nu ma'siat beuki maceuh
Nu ibadah beuki euweuh

Alam dunya beuki keu'eung
Loba jalma nu malaweung
Nu doraka beuki anteng
Kana ibadah teu mayeng

Alam dunya beuki ruksak
Nu doraka pabalatak
Pamarentah geus teu mihak
Ka umat islam geus nincak

Alam dunya geus pakewuh
Ku bencana angin puyuh
Loba tangkal anu rubuh
Katut imah ge raruntuh

Alam dunya beuki ancur
Jalma jalma geus lalacur
Silih hewa'an jeung dulur
Poho kana alam kubur

Alam dunya beuki poek
Geus loba jalma nu fasek
Umat islam silih ledek
Ka ulama wani ngadek

Alam dunya beuki angar
Loba jalma anu sasar
Kana takdir geus teu sadar
Ma'siat di anggap wajar

Alam dunya geus teu ca'ang
Loba beja anu mang mang
Ngabohong geus teu kapalang
Berita geus nyararimpang

Alam dunya geus teu angger
Loba jalma anu lieur
Ka pasantren beuki mindeur
Kana solat ngabalieur

Dunya geus tereh qiamat
Hayu gancang geura tobat
Geura jauhan ma'siat
Meh bagja dunya aherat..

#Ngaraksa Diri

Tidak ada komentar:

Posting Komentar