● Geus *loba imah beuki aralus jeung garedé* tapi kulawargana beuki ngaleutikan..
● *Gelar beuki laluhur*, tapi akal sehat beuki handap..
● *Ilmu Kasehatan beuki canggih* tapi kasehatan beuki goreng..
● *Indit²an ngurilingan dunya* , tapi jeung tatangga sorangan teu wawuh..
● *Panghasilan beuki ningkat*, tapi katengtreman jiwa beuki ngurangan..
● *Kualitas Ilmu beuki luhur*, tapi kualitas emosi beuki handap..
● *Jumlah manusa ngalobaan*, tapi rasa kamanusaan beuki ipis..
● *Kanyaho beuki alus*, tapi kaarifan ngurangan..
● *Beuki loba babaturan di dunya maya*, tapi teu boga sobat nu sajati..
● *inuman beuki loba jenisna*, cai beresih ngurangan jumlahna..
● *Make jam tangan mahal,* tapi sholat tara tepat waktu._
● *Ilmu beuki nyebar kamana-mana*, tapi naha akhlak beuki leungit..
● *Diajar disakola beuki babari*, tapi naha guru beuki teu dihargaan/diajénan..
● *Teknologi Informasi beuki canggih*, tapi fitnah jeung aib beuki nyebar..
● *Jalma nu ilmuna handap beuki loba omong,* tapi nu ilmuna luhur loba nu caricing.. nyarumput..
● *Tontonan beuki loba,* tapi tuntunan ngurangan..
*Mudah-mudahan janten pépéling kanggo urang sadayana*...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar