Selasa, 25 September 2018

Papatah kolot :

Hirup mah teu cukup ku beuteung seubeuh,
imah pageuh,
baju weuteuh,
anak reunyeuh,
pamajikan/salaki baseuh..

tapi leuwih ti eta,
pikiran kudu cekas,
hate kudu nyacas,
niat kudu bodas,
awak jagjag waringkas,
otak waras,
boga beas,
hutang lunas..

nu penting hirup teu kalangsu,
teu loba murukusunu,
ibadah bisa husu....

mangka urang kudu sadar kalawan sabar,
ngarah rejeki bisa jembar,

kudu jujur kalawan syukur,
ngarah hirup bisa makmur...

kudu tumarima tong sulaya,
ngarah hirup teu sangsara..

tong sombong jeung geude bohong,
ngarah amal heunteu kosong..

Omat...
Indung tunggul rahayu.
Bapa tangkal darajat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar