السلام عليكم ورحمة اللّه وبركاته
الحمد لله، والصلاة والسلام على رسول الله، وعلى آله وصحبه ومن والاه ولا حول ولا قوة إلا بالله، اما بعد :
Maka pribados seja nguningakeun satitik nasehat ti Alloh sareng ti Rosul Saw dina milari
Cara salamet dina nyikapi fitnah jeung ghibah dina zaman nu loba fitnah.
Mun urang atawa aya jalma nu ngagogoreng batur komo ka Ulama alusna nasehatan ku ieu nasehat nu dihandap, tapi upami teu bisa maka wajib dijauhan tur delete pertemananana bisi ati urang kapengaruhan ku syetan iblis..
Cara nganasehatanana lontarkeun pertanyaan ieu :
1. Apakah ajakan eta Ulama tea menyimpang tina Ajaran Alloh sareng RosulNa?
Upami teu menyimpang berarti aya dina Taqwa..
Maka Taqwa jeung kahadean wajib dibelaan atas Perintah Alloh..
2. Dimana aya Ulama nu diduga aya faham nu salah maka dugaan eta wajib diakurkeun sareng Dawuhan Para Ulama nu sanesna dina sadaya Madzhab,
Upama eta Ulama akur berarti urang nu salah tur dosa gede wajib tobat tur menta hampura ka anjeuna.
3. Upama eta Ulama diduga ngalakukeun dosa pribadi nu teu berhubungan jeung urang oge lain salah dina Aqidahna, fahamna, ajarananana maka urang haram dosa gede tajassus tegesna ngintai kasalahan batur,komo ka Ulama komo nu can karuhanmah, hate urang jadi kotor ku su,udzdzon ,mun diomongkeun jadi fitnah, oge urang berhadapan jeung Ancaman Alloh..
4.Apakah eta Ulama pernah dzolim ka urang? Mun teu pernah maka urang salah deui ceuk Agama sabab urang teu boga sangkut paut jeung eta Ulama..naha urang jol ujug2 milu ngagorengkeun?atawa ngamusuhan?
4. Dimana aya nu ngaku yen manehna didzolimi ku eta Ulama, maka pengakuanana sepihak haram dipercaya samemeh diadili tur diketok palu kedua belah pihakna ku hakim nu adil kalawan make dua saksi nu memenuhi syarat tur alat bukti, lain hanya pengakuan sepihak komo tudingan zinahmah kudu lalaki opatan saksina nu yakin ningali persis kana waktu ngasupkeun zakarna kana farji awewena..maka mun teuaya saksi opat eta atawa kurang maka nu nuduh jeung saksi-saksina wajib dihukum dipenjara tur dipecut 80x ewang, oge tong dipercaya deui kasaksianana dina hal naon bae salalawasna, jalma2 nukitu eta jalma2 faseq Dawuhan Alloh dina Qur,an Surat Annur Ayat 4..
oge haram urang milu hayang nyaho kana urusan batur...
5.nyaritakeun kesalahan nu lain nu can yakin kasalahanana atawa hanya pengakuan seseorang hanya sepihak eta fitnah dosa nu kacida gedena, nyangkana dina hate eta su,udzdzon sarua dosa gede.
6. Upama tos yakin salahna maka nyaritakeunana eta ghibah sarua dosa gede.
7.Upama urang ka batur ngomongkeun kasalahanana maka urang nu ngomongkeunana sarua dosa,Malah bisa dimungkinkeun dosa urang nu ghibah bisa leuwih gede tibatan dosa nu diomongkeun ku urang komo mun can karuhan salahna eta jadi fitnah nu leuwih gede deui dosana.
8.urang kudu nanya diri naha urang teu boga dosa ka Alloh? oge teu boga dosa ka papada makhluq? Dimana urang ngarasa boga dosa malah loba apakah pantes mun urang loba dosa tuluy make hayang nyaho dosa batur? Atawa ngupat simuat kasalahan batur komo nu can karuhan?nu matak jadi fitnah?
Atuh urang kalah jadi pabrik dosa?
9.upama nu disangka salah ku urang ternyata dina hakekatna salah apakah nu disangka salah eta teu mungkin tos tobat tina dosana tuluy meunang Hampura Alloh sementara urang masih keukeuh nyangka salah? Atuh urang teu eureun tuluy cicing dina salah jeung dosa nu tuluy nambahan ngunung ngunung?
10.omongan urang dina nyaritakeun kagorengan batur komo nu can karuhan gorengna komo ka Ulama
eta matak goreng tur cilaka gede ka diri urang di dunya jeung di Akherat , sabab amal soleh urang bakal beak dibayarkeun kanu dighibah difitnah ,oge dosa nu dighibah difitnah bakal ditambahkeun kana dosa urang,malah itu jalma bakal diluhurkeun darajatna ku Alloh sementara urang Dihinakeun ,Dibendu tur Diancam ku Alloh ku Siksa SeuneuNa, oge ku warna warni musibah boh di dunya boh di alam qubur boh di Akherat, naha urang hayang boga nasib kitu mun maot?
Malah bisa ngarembet ka turunan urang?..
Sing inget yen jalma nu diobrolan ku urang can karuhan mercaya ka urang komo nu Solehmah geus pasti moal percaya ka urang maka urang bakal hina tur dibenci dina hate Para Solihin oge ku sakabeh nu Iman oge dibenci ku Alloh ku Rosul Saw oge ku Para Malaikat tur ku sakabeh makhluq Alloh..
na'uudzu biLLaah min dzaalik..
Nasehat nu terakhir :
1.Sing inget urang loba salah tong mikiran kasalahan batur komo kudu leuwih ati2 ka Para Ulama.
2.Sing eling urangteh jalma bolokot ku dosa bari bodo, bari teu boga amal soleh, dina bogana ngan saeutik, bari teu elmuan sarta loba salah tur kadzoliman ka papada nu can karuhan meunang hampura Alloh.. Urang nu kudu buru2 tobatmah..
3. Urang rek maot geura siap2 beberesih diri oge ngumpulkeun amal soleh saloba2na, tong rurat reret kana kasalahan batur..
4. Urang tong katipu kunu nyaritakeun kagoreangan si A si B da urangmah teu bersangkutan ,oge motiv ngagogoreng rupa2 ,aya dendam pribadi atawa golongan , aya karana kababawa karana bodo,eta lolobana jalma, walhasil urang tong pipilueun! naha urang hayang kasangkut ku cilaka? Urangge mikiran nasib urang duka kumaha boh di dunya boh di Akherat?
5.mun aya nu nyaritakeun kagorengan si A si B omat hate tong percaya oge tong hayang nyaho, komo mun pipilueun ujug2 ngamusuh atawa milu ngagorengkeun padahal urangmah tadina oge teu gugur teu angin..
Nasehatan ku ieu nasehat nu diluhur..
6.mun katingali aya nu kitu buru-buru ajak tobat, oge sina menta hampura ka jalma nu dighibahna atawa nu difitnahna samemeh maotna.
7.urang kudu tetep hade sangka, hade laku, hade ucap kasaha bae, tong hayang boga musuh, tp musuh sina jadi sobat...
Muga ieu pepeling sing manfa'at keur diri pribadi oge keur balarea supaya pada salamet tina Bendu Alloh oge tina seuneu NarakaNa
Na'uudzu biLLaahi mindzaalik..
8.omat urang tong nyaritakeun dosa urang sorangan sekecil apapun sabab diharamkeun mukakeun dosa sorangan nu tos Ditutupan ku Alloh, oge dosa leutik bisa jadi dosa gede..
9.urang sing jongjon ngaji ka Ulama tur rajin ngamalkeunana ,rajin beberesih tina kokotor akhlaq oge dosa tuluy diajar ngadangdanan diri ku akhlaq nu mulya nu terpuji, tuluy diajar Da'wah kanu sejena dimimitian tinu sakasur,tuluy nu sadapur, tuluy, nu sasumur, tuluy nu salembur tuluy ka sakabeh jalma nu dibere umur..
10.urang kudu rajin ngadoakeun Muslimin supaya kabeh meunang Taofeq tur Hidayah ti Alloh oge meunang Hampura Alloh..oge alakur silih asih, silih asah ,silih asuh.. Mulus rahayu berkah salamet, parek rizqi jauh balai..panjang punjung, cageur bageur, lambat lambut bener pinter..
Pek lenyepan Larangan Alloh tina su,udzdzon, tajassus tegesna ngintai kasalahan batur, ghibah ,dina Qur,an nu Agung ,
1.Surat Alhujurot Ayat 12.
2.Alqolam Ayat 11.
3.Alhumazah Ayat 1.
Mun Nasehat Alloh geus teu payu kana ati urang maka moal aya deui nu payu anging ku SiksaNa.. Na'uudzu biLLaahi mindzaalik..
Sakitu bae ieu washiyat muga sing manfa'at keur nu nulisna oge nu macana oge keur balarea.. Aamiin
BissiriLFaatihah..
والله أعلم بالصواب
Sebarkeun ieu nasehat saluas-luasna..ameh menang Ganjaran gede ti Alloh...
alfaqir nu hina muhammad muhyiddin abduLQodir khodim muslimiin..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar