انا لله وانا اليه راجعون
لا حول ولا قوة إلا بالله العلي العظيم
Urang nu Alloh, urang indit ti Alloh balik ka Alloh, hade goreng ku Alloh, Mu'min kafir ku Alloh, bagja cilaka ku Alloh, bungah sedih ku Alloh, wani keueung ku Alloh, lancar sulit ku Alloh, pinter bodo ku Alloh, mulya hina ku Alloh, cageur gering ku Alloh, hirup maot ku Alloh, beunghar kokoro ku Alloh, sagalana ku Alloh..
Urang teu bisa nanaon anging Dibiasakeun ku Alloh,
Urang teu nyaho nanaon anging Dinyahokeun ku Alloh.
Urang teu boga nanaon anging Dibogakeun ku Alloh..
Sagalarupana makhluqmah Di.. , Di.. , Di..ku Alloh.
ngan Alloh Nyalira anu Nga.. , Nga.., Nga.. ka urang tur ka sadaya makhluqNa..
"Nuun Gusti Nu Maha Suci "Nyanggakeun sadaya daya, jisim abdi makhluq Gusti nu teudaya teu upaya kajabi Ku Pituduh Pitulung tur Kalomanan Gamparan..
Kukituna tuduhkeun abdi sadaya kana sagala rupi hal anu Dipikaridlo ku Gamparan ..
tulungan abdi sadaya dina dina ngagarap sagala hal anu Diparentahkeun ku Gamparan .. oge dina nebihan sagala rupi hal anu Dibenduan ku Gamparan ..
Parinan abdi sadaya sugri Karunia Gamparan boh di dunya boh diAkherat..
Hapunten samudaya kalepatan kaluputan abdi sadaya tiluhur saujung rambut ti handap sausap dampal, lahir sinareng batin, jiwa sinareng raga nu pinuh ku dosa nu teuaya wilanganana..
tutupan sadaya aeb abdi sadaya didunya rawuh diAkheratna!
qabulkeun sagala paneja abdi sadaya nu sae dimungguh Gamparan.
Salametkeun abdi sadaya..!
bagjakeun abdi sadaya..!
mulyakeun abdi sadaya didunya rawuh diAkherat... Aamiin yaa Robbal'aalamiin
Dina Bulan Nu Agung ieu buya oge kulawarga seja nyuhunkeun hapunten tina samudaya kalepatan..
Daru'akeun buya oge kulawarga sinareng turunan ku sadayana..
buya ngahaturkeun mangrebu-rebu nuhun laksa keti kabingahan tina sagala rupi kasaean para Jama'ah oge dulur-dulur Muslimiin Muslimaat boh harta boh tanaga, boh emutan boh du'a..
Muga Alloh Ngawales kana sagala rupi kasaean sadayana kalayan pangsae-saena Walesan di dunya rawuh diAkherat..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar