Rabu, 09 Mei 2018

HAL-HAL NU NGABATALKEUN PUASA

*Dina puasa, wayahna kedah diemut naon wae nu matak ngabatalkeun puasa teh...*
- - - - - - - - - - - - - -

1. _*Diuk*_
Diuk di dieu maksadna diuk di rumah makan padang... bari ngahuapkeun sangu nu ditinyuh ku rendang padang... Tah eta batal puasana!

2. _*Nangtung*_
Nangtung di mana wae... bari ngelenyun udud, ngabibita batur... Komo eta mah batal pisan!

3. _*Cingogo*_
Cingogo dina handapeun tangkal buah... bari nyuruput es cingcaw... eta oge matak batal!

4. _*Ngagoler*_
Ngagoler tatangkarakan... bari ngagayem peremen hexos... Sarua batal eta oge!

5. _*Lumpat*_
Lumpat tarik sataker kebek muru tukang cendol... tuluy meuli, tuluy ngaregot cendol di dinya keneh... Tah eta oge matak batal!

6. _*Maledog*_
Maledogkeun duit kencring sarebu, tuluy disanggap ku tukang cilok... gantina tukang cilok mere satiir, tuluy dibelewekkeun kabeh eta cilokna... Tah eta oge batal puasana!
☺☺☺  *kitu wae.*

Wilujeng sumping bulan suci Ramadhan..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar